Akses masarakat kana informasi teu meunang disengker. Lain ukur ku aturan, tapi oge ulah disengker ku kaayaan. Ulah nepi ka jiga kaayaan kiwari. Hayang pinter ngunjalan elmu tina internet, kasengker ku biaya akses nu mahal kabina-bina tur teu walatra, sabab fasilitasna kabeh museur di kota. Hartina can aya kadariaan ti pamarentah pikeun mangmeunangkeun ra'yat leutik di di pasisian. Nu diwowoy salila ieu memang masarakat kota. Buktina di kota mah sagala gampang.
Sawatara ka tukang, Menkominfo kungsi kedal ucap rek ngawangun hotspot haratis di padesaan. Tujuanana sangkan masarakat di pilemburan henteu tinggaleun informasi dibandingkeun jeung masarakat kota. Hanjakal nepi ka danget ieu buktina teu embol-embol. Hotspot haratis ukur lamunan. Akses internet angger mahal. Teuing mun pa mentri teh geus limpeuran nepi ka poho kana jangjina. Pamustunganana, urang lembur mah angger ngalamot curuk.
Padahal lamun bener pamarentah daria boga niat hayang ra'yatna pinter, matak naon mun operator seluler nu boga tower BTS rebuan tur nepi ka kampung-kampung teh diwajibkeun nyadiakeun hotspot internet haratis, itung-itung implementasi tina CSR (Corporate Social Responsibility) alias Tanggung Jawab Sosial Perusahaan. Ulah ngan ngedukan untung ti ra'yat leutik wungkul, tapi kudu aya oge ketakna sangkan ra'yat di pilemburan beuki palinter. Unggal ngadegkeun BTS, kudu nyieun hotspot internet haratis, sakalian ngamangpaatkeun towerna.

Tidak ada komentar:
Posting Komentar